SASAKALA SITU BAGENDIT
Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak
lega ngaranna. Situ Bagendit.Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi
ka ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ bagendit, ngadon lalayaran jeung
balakécrakan.
Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon éteu aya situ teu sing. Nu aya téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh kieu.
Di tengah lembur aya imah anu nenggang ti nu séjén. Nenggang sotéh lain hartina anggang tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di lembur eta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah Nyi Endit.
Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu agréngna, atuh pakayana lain ukur lega sawahna jeung kebonna, emas jeung berlian gé dipetian.
Nyi Endit mah lain waé kasohor ku beungharna tapi ogé kasohor ku peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa “bru di juru bro do panto ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung ka nu butuh. Hasil tatanén kajeun buruk jadi runtuh batan dibikeun ka tatangga mah.
Padahal di éta lembur téh teu saeutik jalama anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré. Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Ěta oge sok aya anu lahlahan nepungan Nyi Endit niat ménta tuluy, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir bari dicarékan.
Teu saeutik jalma anu nyeri haté nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.
Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajarigjeugan kundang iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya pisan boga niat teh kawas nu keur kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit.
Barang nepi ka buruan gedong the aki-aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung di tepas imah bari balakécrakan lain ditémbalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki rudin teh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak.
“ Rék nanaon datang ka dieu. Rek barang pénta? Indit! Kami moal rek mikeunan édahareun.”
Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa karunya kalah popolotot nitah indit.
Méméh ngaléos éta laki-laki téh nyarita kénéh ka Nyi Endit.
“Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hadé, jeung kanyaah ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka!”
Aki-aki ngaléos indit tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit. Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku anéh, tina urut iteuk nanceb the kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila mah mancer tarik pisan.
Cai tina urut iteuk nanceb teu ereun-ereun. Mimiti ngan ukur ngumplang di pakarangan, lila-lila leleban caah. Cai beuki ngagulidang, Nyi Endit geumpeur.
Nempo lembur ka keueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah cara batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.
Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeungharta Nyi Endit kakeueum di asar situ. Ceunah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu gedé nu reunceum ku perhiasan .
Paingan ceuk aki-aki téa dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.

0 comments:
Post a Comment